Senin, 30 Mei 2011

Tukang Nyadap Kawung nu Gehgeran

Arapal teu kana sigay? Ari sigay teh nyaeta awi saleunjeur nu sok ditanggahkeun kana tangkal kawung, piparantieun naek ari nyadap lahang. Tah ieu carita ngeunaan tukang nyadap nu gehgeran. Sakumaha biasanya tukang nyadap teh naek kana tangkal kawung make sigay. Geus nepi kaluhur, sarangka bedogna murag. Ninggang kana sigay, mapay sogatan (sengked paranti nincak) kuatka geeuuunah teh kadengena. “Prak prik pruk prok prek…” cara sora calung...

Aeehhh...Dasar nu gehgeran. Ngadenge perah bedog mapay sigay genah kadengena, terus bae bedogna dipuragkeun. Tetela leuwih genah. Leuwih halon. “Trang, tring, trung, trong, treng….”

Nu gehgeran beuki kataji, Lodong nu rek digantungkeunkeun kana leungeun kawung paningguran, geuwat dipuragkeun. Beuki halon bae kadengena. “Dang, ding, dung, dong, deng…. “

Abong nu gehgeran sok kateterusan. Luak lieuk neangan puragkeuneun, euweuh. Bet panasaran....Hayang nyaho mun awak sorangan. Teu antaparah deui, koleeaaaang muragkeun maneh. Meneran kana sogatan sigay. Disada ari disada namah. Ngan teu halon jeung ngoncrang, kawas perah bedog, bedog jeung lodong tadi. “Aaaaa, iiiiiii, uuuuu, ooooo, eeeeeekk….”, kusek bae, teu empes-empes…
=euh, eta tukang sadap kitu2 teuing sih...=

Tidak ada komentar:

Posting Komentar